You must have JavaScript enabled in order to use this theme. Please enable JavaScript and then reload this page in order to continue.
Loading...
Logo Desa Gudangkahuripan
Desa Gudangkahuripan

Kec. Lembang, Kab. Bandung Barat, Provinsi Jawa Barat

Mari Kita Wujudkan Desa Gudangkahuripan Bermandat, Beradab dan Bermartabat DESA GUDANGKAHURIPAN Saléngkah Leuwih Maju

KARACAK MAWA CA'AH

KIKI MULAWARMAN 15 Januari 2025 Dibaca 249 Kali
KARACAK MAWA CA'AH

Kontributor : Iman Supardan

(Pimpinan L.S PURWAWIRAHMA Lembang)

 

Poé geus ngagayuh ka wanci haneut moyan, dihiji lembur anu singkur saluareun wewengkon Bandung. Pilemburan anu tingtrim jauh tina harénghéngna kahirupan anu pabeulit jeung riweuhna jalma-jalma nu ting suliwer pulang anting muru rupa-rupa tujuan jeung paniatan.
Disaluareun saung nu aya disuku gunung aya dua insan nu keur sibuk ngagebah-gebah manuk nu cing araclang dina pucuk paré nu keur meujeuhna laméréng warna konéng nu geus nganti mangsana panén. Manuk bondol, manuk pi’it sarua pada mubyar kalabur kagareuwahkeun ku euyahna sora aki-aki nu héar patémbalan jeung sora budak rumaja anu sasat incuna mang Ulé.
Mang Ulé jeung jang Eman, dua insan nu keur ha’at haget getol ngajaga’an sawahna tina rongrongan manuk-manuk. Duanana sarua pade gawé baréng ngagebahkeun aleutan manuk nu- rék maruru kadaharan di sawah. Sanggeus kareungeu manuk téh kalalabur, duanana arasup ka saung. Mang Ulé saurang lalaki nugeus muncuk umur ampir nepi kawanci magrib ceuk babasaana mah. Sapopoéna ngurus sawah ti isuk jedur tug nepi ka magrib. Sedengkeun Eman salaku incuna nu masih umur welasan taun, manéhna salah saurang murid kelas tujuh dilemburna.
Sapopoéna jang Eman mah tara ieuh ulin teu puguh, lamun mulang ti sakola téh sok tara kaliwat muru ka tonggoh nepungan akina nu geus aya di sawah, bari sok pirajeunan ngabantuan pagawéan akina disawah. Budak yatim anu teu pernah apal dibeungeut nujadi bapana. Bapana tilar dunya nalika Eman masih dijero kandungan nujadi indung alatan katerap kasakit nu teu kungsi kaubaran.
Eman jadi budak yatim nu sapopoena diurus dirawat babarengan boh ku indung kitu deui nini jeung akina ogé milu rumawat nepi ka Eman nincak rumaja ayeuna.
Dijero saung anu linduh kaiuhan ku susuhunan nu dijieun tina anyaman eurih nu geus gararing, mang Ule jeung incuna keur aranteng gunem catur dibarengan sora manuk pi’it nu cing karecewis semu nu ngagosip ngabandungan nu keur uplek ngawangkong,  pataréma jeung bacéona manuk bondol jiga numilu ngomongkeun naon nu diobrolkeun ku Eman jeung akina. Jang Eman rikat kaluar tisaung muru kana turus awi nu geus dibeungkeut tali rapia nu digantungan ku rupa-rupa kaléng urut minuman, anu dibentangkeun tur disambungkeun kana awi nu ngajajar jeung meungkeut bebegig ngurilingan  sawah, tuluy éta awi téh dioyagkeun kumanéhna, anu tujuana ngagareuwahkeun manuk anu ricit, bebegig sawah jeung kaléng kadéngé ting kelentréng, saharita kénéh manuk pi’it jeung bondol téh ting geleber kalabur lantaran kagareuwahkeun kagandéngan kusora kaléng anu dibarengan jeung bebegig anu kaoyagkeun.
Sanggeus manuk kalabur mah, satuluyna jang Eman balik deui kasaung, gék manehna diuk deui hareupeun akina.
“Geus kalabur manukna jang?” mang Ule nanya ka Eman.
“Atos ki!” tembal Eman bari kedewek nyokot bubuy sampeu, celebek dihuapkeun bangun nikmat.
“Heuh…atuh sukur…”
“Enya ki…ngan lumayan cape ning ngoyagkeun awi téh! cangkeul kana panangan heu..!” ceuk Eman bari sungutna guhal gahél nyapék bubuy sampeu nu rada samogol kénéh.
“Ah…..piragé gawé sakitu..geus ngeluh…dasar kedul manéh mah!” ceuk Mang Ule bari mureleng.
“Aki mah ti bubudak nepi ka umur sakieu…macul disawah tara ngeluh tara aral…”
“Paingan atuh ki…. dugi ka hideung kitu éta kulit.”ceuk si Eman semu nu ngaheureuyan.
“Ish…! hideung ogé areng aki mah..loba nubutuh…!” ceuk mang Ule.
“Atuh rugi areng mah ki…tos hideung téh dibeuleum deui..beuki wé hideung…heuheuheu…”jang Eman kalah nyeungseurikeun.
“Aéh…. heu’euh nya?!” 
“Muhun ki…kedahna hideung ogé kopéah…pada nyuhun bari dipupusti….” Ceuk Eman bari seuri ka akina.
“Tahhhh….enya nya..lamun éta bener…hahahaha…cerdas geuning manéh sakapeung mah..”
“Hééhhéhéh….muhun ki” jang Eman seuri bari gagaro teu ateul.”
“Muhun ki….aki mah getol…sumanget kana damel téh…teu jiga Eman sok rajeun datang horéam ki..” 
“Ahh…naaahaa....meni piragé gawe saukur ngagebah-gebah manuk..geus hoream….kedul wé meureun manéh mah..”
“Héhéhéhé…..heunteu atuh ki….resep we Eman mah…bari ulin bari mantuan aki disawah…da cicing dibumi mah bosen ki..teu aya pacabakan.”
“Ah……loba pacabakeun…mun niat mah! mantuan si ema ngala suluh…..atawa maraban hayam…tah éta ogé pan pacabakan…atuh euweuh-euweuh teuing mah cabak wé bujur hayam..terus ambeuan leungeun urut nyabakna ku manéh.”
“Embung ki ah…..! atuh bau meureunan?”ceuk Eman bari kerung.
“Nya pasti bau atuh….ceuk saha seungit?” témbal Mang Ule bari nyeuleukeuteuk seuri.
“Ah si aki mah..!” ceuk si Eman bari kedewek deui nyokot bubuy sampeu, celebek dihuapkeun.
“Hahahaha….heuh …geus ah…kaditu angguran mah geura isikan béas…geura ngaliwet…geus wayah yeuh..wancina dahar..geus lapar aki mah.”ceuk mang Ule bari ngasongkeun panci paragi ngaliwet nu geus pinuh ku méhong balas dipaké ngaliwet unggal poé.
“tuh ..beasna nyiuk na karung…sakulak wé ulah loba teuing..lebar bisi teu béak engkéna.”
“Mangga ki…”ceuk Eman bari nyiukeun kulak kana karung nu dieusian béas, tuluy dicicikeun kana panci.
“Badé dikumbah heula béasna ki?” ceuk Eman nanya ka Akina..nu maksudna mah ngaheureuyan hungkul, da geus apal manéhna gé lamun rék ngisikan béas téh tangtuna ogé sakalian dikumbah.
“ Haaarrrrr….ari manéh…! ari ngisikan béas mah nya dikumbah heula atuh..méh beresih!” mang Ule nyorongot.
“Ku cai kumbahna ki?” ceuk si Eman kalah ngagonjak deui ka akina.
“Aéh…aéh…! enya kucai atuh sujaaannnggg…!!! Memangna rék ku taneuh jiga nu tayamum!?” mang Ule beuki nyorongot.
“Heuheu…siap mangga ki…Eman permios heula badé ka pancuran.”
“Punten atuh ki….tong ngahalangan jalan…. nukasép rék ngalangkung.”ceuk Eman bari ngaléngkah.
“Dekhh…! naaaaa….. ieu budak!!.....sok kadinyah!” ceuk mang Ule bari diukna ngoléséd rada ngagésér.
“Héhéhé…permios ki.” Ceuk Eman pamitan ka akina.
“Enya….kadé ulah lila…manéh mah sok pirajeunan bari ngurek belut.”ceuk mang Ule omat-omatan.
“Muhun ki.”
Sanggeus kaluar ti saung mah si Eman ngaléos leumpang mudun. Teu lila manéhna balik deui kasaung nyampeurkeun ka akina.
“Naha balik deui….?” Tanya mang Ule.
“Aya nukakantun ki…”témbal si Eman.”
“Tinggaleun naon…?”
“Teu acan sun tangan ka aki…” ceuk si eman bari solongkrong ngaranggeum leungeun akina terus éta leungeun akina téh dicium.
“Alahhhh….naaa…… meni kawas rék indit kamana wé ilaing téh…!”
“Héhéhé…..wios atuh ki…mangga ki….Eman dinés heula.”
“ Enya heug…!”
Geus kitu mah tuluy si Eman ngaléos leumpang mudun  rék muru pancuran nu aya disalebakeun saung.
Bari nungguan incuna nu keur ngisikan béas, mang Ule tatan-tatan nyiapkeun suluh garing, sanggeus suluh sayaga, tuluy éta suluh téh ditumpukeun dina hawu, cekés manéhna nyekéskeun panékér…tuluy diseungeutkeun kana kararas cau nu geus garing….sanggeus hurung dihijikeun kana hawu nugeus digundukan suluh garing tea..bari ditiupan maké songsong…teu lila seuneu téh hurung ngabebela. Sabérésna nirun hawu, sajongjongan mah mang Ule anteng diuk sila tutug digolodog saung bari leungeuna sibuk ngalinting daun kawung nu geus dieusian ku bako, tuluy diseungeut….kelepus éta udud téh dikenyot bangun nu nikmat naker. Serebung haseupna kaluar tina biwirna. Panona anteng mencrong nempoan paré disawah nu geus semu konéng anu moal lila deui baris dipanén kumanéhna.  
Pipina semu kemong kagerus ku umur nu geus nincak pecat sawed…...kelepus deui ngenyot udud…beuki kényos wé katempona téh…serebung deui haseup kaluar tina biwir jeung irungna…bangun nunikmat. Dina nikmatna mang Ule ngenyot daun kawung, bari anteng nempokeun pasawahan, solongkrong leungeuna nyokot bubuy sampeu, tuluy dihuapkeun.
”Hwadhuuuuuuuhhhhh……jadoooolll siaahhh…” mang Ule ngagorowok bari leungeuna pakupis kana biwirna nu lamedong hideung pinuh ku lebu. Gura giru nyokot cai dina téko teu talangké..leguk cai dina téko téh diuyup kumanéhna. Sihoréng mang le salah nyokot, maksud mah rék nyokot bubuy sampeu dina piring, manéhna teu eungeuh yén nu dicokotna téh ruhay suluh tina hawu..tuluy dihuapkeun bari teu ditempo heula, antukna mang Ule ngagorowok bakating ku reuwas.

Sabot mang Ule meresihan biwirna nu lamédong ku ruhay, teu lila si Eman geus norojol mulang ti pancuran bari ngajingjing panci nu dieusian béas meunang ngisikan.
“Ki..!” ceuk si Eman ngageroan ka mang Ule.
“Eh..geuning geus bérés ngisikana…beresih teu jang?” mang Ule nanya ka si Eman.
“Beresih atuh ki..da ngumbahna oge ku sapuluh ramo.”Eman ngajawab bari seuri.
“Kutang?....naha teu duapuluh ramo sakalian jeung ramo suku manéh.”ceuk mang Ule bari ngabalinges.
“Hihiihhi…kutan ki sanés kutang.”si Eman némbal bari seuri.
“Ari éta kunaon biwir aki meni lamédong hideung? Eman nanya bai nunjuk kana biwir mang Ule.
“Ah….lain nanaon ieu mah…tadi nirun hawu niup songsongna tarik teuing…jadi lebuna mancawura kana beungeut jeung biwir aki.” Ceuk mang Ule ngelés.
“Sok kadieukeun éta pancina…urang tagenkeun.” Ceuk mang Ule bari nyolongkrongkeun leungeun katuhuna. Sor panci téh ku Eman diasongkeun.
“Jung kaditu..ngundeur heula hiris..jang coél sambelna…ké geus meunang hirisna terus ngaréndos céngék maké uyah.” 
“Naha ngaréndos céngék make uyah ki? pan ku mutu ngaréndos mah?” ceuk si Eman ngalonjéng deui waé ka akina.
“Heu’euh ujaaanngg…..maké mutu…! maksud- aki mah réndos céngék..bumbuna mah ku uyah wé..améh teu lada teuing…..!!”
“Ohhhhh…..mangga ki…kitu atuh méh jéntré…héhéhéhé..”
“Kumahaa manéh wé ah…lieur aki mah!”
“Siap ki…Eman ngundeur heula hirisna.” Ceuk Eman bari tuluy kapipir saung…anu maksudna rék ngundeur hiris jang coel sambel.
Teu kacatur jang Eman nu keur ngundeur hiris, jeung mang Ule nu keur ngaliwet. Singketna carita liwet téh geus asak, anu satuluyna ieu dua insan aki jeung incu téh dahar liwét babarengan bangun ngalimed awahing ku lapar.
Sanggeus dalahar maranéhna dariuk digolodog saung bari uplek ngobrol ngalér ngidul, bari sakapeung jang Eman mah meusmeus ngendag-ngendag turus awi nu geus dipasangan tali rapia téa anu tujuana ngusir manuk anu ting araclang dina pucuk paré.
Kitu jeung kitu we pagawean jang Eman teu sirikna unggal jam manehna ngabuburak manuk-manuk nu ting aracleu dina pare.

Pondok, Kabut, Alam, Pedesaan

Wanci geus rék ménggok ka sore, mang Ule jeung jang Eman ngobrol deui di saung neruskeun hanca obrolana.
“Ki…ari aki tos ngalaman ameng ka kota ki?” jang Eman muka obrolan ku pananya.
“Ah..aki mah teu hayang jang ka kota….rék naon barina ogé…mending didieu wé dilembur…betah aki mah…jauh tina harénghéng..ti’is panon hérang ceuli.”ceuk mang Ule.
“Ti’is ceuli hérang panon panginten ki..…tapi ki…Eman mah hoyong sakali-kali amengan ka kota ki….hoyong terang kumaha dikota téh…cenah mah ramé sagala aya.”
“Nya pasti atuh ari ramé mah…kangaranan di kota…sagala aya, sagala nyampak teu jiga diurang…sisi gunung jauh kaditu kadieu.”
“Muhun ki…tapi da hayang wé keukeuh Eman mah….hayang apal kumaha ka’ayaan kota téh…ulah ukur ceuk béja hungkul.”
“Hoyong ngajaran sakola dikota..tah mun bérés sakola téh…meureun Eman bisa digawé dikota ki….ulah dilembur waé…ngan ka sawah jeung ka sawah wé sadidinten téh.”
“Ih…enya teu nanaon…ari hayang mah….ka kota..komo bari sakola dikota alus pisan, komo terus meunang gawé… lamun enya boga paniatan kitu, ujang kudu getol diajar.”
“Muhun pan Eman mah getol diajar na gé ki….buktina geuning? Eman mah geus bisa ngisikan beas, ngundeur, geus bisa ngawaluku, geus bisa ngagebah manuk…pan éta lamun teu diajar mah moal bisa ki?”
“Lain diajar nukitu hungkul atuh ari manéh?!! nukitu patut mah teu kudu diajar…padu ku daék oge pasti bisa…kangaranan hirup di lembur.”
“Maksud aki mah..manéh cing getol diajar disakola, kudu tekun ulah kedul…! Da manéh mah geuning indit ka sakola, beurang kénéh geus balik deui ka imah.”
“Harr…ari  aki…nya enya atuh ki…miang ka sakola mah pasti uih deui…memangna badé mondok moék disakola?”
“Aéh…enya..poho heuheu…”mang Ule seuri kaéra’an.
“Ah……si aki mah…abong geus aki-aki…hésé inget gancang poho.”
“Heuh nya kitu téa jang…ngarana ogé aki-aki.” 
“Tapi ngga gitu juga kali kiiiiiii…..”ceuk Eman
“Enyaaaaa……….laiiiin……cing lamun engké ujang sakola dikota…mémangna  geus boga cita-cita téh?” mang Ule nanya ka incuna.
“ Nya atos atuh ki”
“Naon tah? Cing..cing….aki hayang ngadéngé”
“Eman mah cita-cita hoyong janten sarjana insinyur ki” ceuk Eman ngajawab daria pisan.
“Naon? Sarjana Insinyur? Hahahahaha………….hhhhhaduuuhhh….aiiingg….!!”mang Ule nyakakak ngadéngé omongan Eman jiga kitu.
“Ieuh ujang…ulah diborong kitu atuh! Ieuh….dangukeun ku hidep…Sarjana jeung Insinyur téh sarua- rua kénéh….sarua lulusana mah…ti perguruan tinggi…baheula mah aya Insinyur, aya Drs, aya MBA jeung sajabana..tah ku ayeuna mah diganti tiap lulusan perguruan tinggi boga gelar sarjana, aya sarjana téhnik, sarjana seni, sarjana hukum jeung sajabana………du yu andersten?”
“Ohhhh…….kitu nya ki….ma’lum ki Eman mah kan budak kénéh.”ceuk Eman bari nyéréngéh.
“Yaa….ngga gitu juga kaliiiii….” Ceuk mang Ule bari jebi.
“ Hahahaa…si aki bales pantun.”ceuk si Eman bari nyakakak.
“Bales dendam…lain bales pantun!” ceuk mang Ule nempas omongan incuna.
“Lain jang…kieu nya…aki mah rék amanat ti ayeuna ka hidep…tong kabita ku béja ceuk cenah…kairut catur ti batur..”
“Kumaha kitu ki?” Eman nanya ka akina bari kerung.
“Enya…ujang tadi ngomong ceuk béja cenah di kota mah ramé…sagala aya…imah aragréng gedong- gedong ngajalegir, aya mall, aya gedong pilem jeung sajabana, jajalanan geus lalecir dibalur ku hotmix… teu jiga diurang nya taneuh nya nyeblok mun kahujanan matak belok kana suku.”ceuk mang Ule ngomong kitu bari ngomekeun totopongna nu rada nyengsol. 
“Muhun ki..cenah dikota mah aya tarajé maju sorangan….teu kawas diurang lamun sakalieun naék tangkal kawung ogé…narété kana awi saleunjeur..boro-boro maju sorangan…kalah capé nu aya heuheu.”
“Heu’euh…éskapator téa ngarana nukitu téh….”
“Ih….aki mah geus tarik salah….éskalator meureun ki.”
“Ah sarua manéh ogé…..salah kénéh…. teu yakin!”
“Salah kumaha ari aki!?”
“Eta geuning nyebut éskalator masih kénéh meureun?...berarti can yakin?”
“Hahhah…enya ki….éta téh namina éskalator!” Eman nandeskeun.
“Tah kitu atuh….!” Ceuk mang Ule
“Jadi kumaha hidep téh? Keukeuh hayang nagajaran ulin kakota?” ceuk mang Ule nanya deui ka incuna.
“Muhun ki…kumaha kitu ki?” Eman nanya ka mang Ule.
“Kieu yeuh jang….aki rek ngadongeng nya…rek didéngékeun moal?”
“Nya lamun dongengna piraméeun mah rék didangukeun ki…lamun teu ramé mah moal ah…”
“Ih…ulah waka mutuskeun sagala rupa téh….bandungan wé heula nepi katamat…ké lamun teu ramé pék komén.”
“Ah….pasti moal ramé…komo nungadongengna aki mah…jaba ngomongna ogé geus rada cadél…euheu euheu…” ceuk Eman bari seuri nutupan biwirna.
“Hisss…..sok gabah-gabah ari teun téh….ieu mah lain dongéng kawas cerita novél atawa komik nu sok dibaraca kawas umumna, ieu mah dongéng jang geusan pikiraneun hidep kahareup.”
“Ohhhh…..kitu ki…..nya sok atuh ki…geura ngadongéng…..meh abdi bisa saré.”
“Ari maneh…! terus ari aki kamu anggap apa????....radio butut?” mang Ule rada nyereng diheureuyan kitu téh.
“Hihihiihii…..ampun…..ki….ampun…..” Eman nyuhunkeun dua leungeuna kana sirah bari sujud ka mang Ule.
“Dasar ah manéh mah…..”
“Janten kumaha tah ki..dongeng téh…bade diteraskeun?” jang Eman nanya deui.
“Euh….enya heug…aki rek ngadongéng..déngékeun nya…!”ceuk mang Ule.
“siap..ki”
“Yeuh jang..baheula jaman aki keur budak..nungarana kota téh baheula sarua wé kampung nu  masih kénéh jauh tikangaranan ramé sakumaha kota nu ayeuna”ceuk mang Ule ngamimitian muka caritana.
“Naha kumaha kitu ki” ceuk Eman nanya deui.
“Nya..masih kénéh ti’iseun wé..paroék kénéh da can aya lampu penerangan…jajauheun karamé…jang nya’angan imah ogé ngandelkeun cempor minyak tiap imah téh…wangunan imah ogé masih tina bilik jeung teu pinuh jiga ayeuna…masih coréngcang, sajumpluk sajumpluk imah téh…jeung tatangga jararauh….lamun reup magrib téh geus we teu bisa kamamana…kabéh sapangeusi lembur geus nyarirekem di imahna masing-masing istuning ti’is jempling simpé comrék” ceuk mang Ule bari kelepus deui nyeuseup udud daun kawungna.
“Leuh…kabayang meureun sepi harita mah nya ki?” ceuk Eman bari celenun deui nyokot bubuy sampeu, bari melong kana bubuy sampeu tuluy dihuapkeun deui kana bahamna.
“Lain sepi deui….silent!” ceuk mang Ule bari ngalieuk ka Eman nu keur cacamuilan ngadahar bubuy sampeu.
“Terus kumaha atuh lamun rék nganjang katatangga? Pan jarauh jaba paroék meureun dijalana ogé?” ceuk si Eman nanya deui ka akina.
“Nya ….lamun rék nganjang mah ngahaja mawa obor jang nya’angan ari dijalan” ceuk mang Ule bari serebung deui udud daun kawung, bari gap leungeuna kana cangkir leguk nginum.
“Ngan…sakumaha ti’iseun …hirup téh istuning tingtrim…kahirupan ngarinah..teu hésé kadaharan, cai cur cor masih kénéh harérang malahan mah bisa diinum teu kudu ditaheur heula.”
“Ah..pan ayeuna ogé sarua ki…cai téh bisa diinum langsung…pan aya cai kemasan geuning ayeuna mah.” 
“Enya éta mah caina geus menang ngolah..geus lain murni deui…baheula mah aki nginum cai diwalungan ogé tara ieuh nyeuri beuteung”
“Ari aki…nanaonan make nginum diwalungan? Rék nginum mah dibumi wé atuh ki..” ceuk Eman ngomong kituna téh bari seuri. 
“Euuuhhhh…..! pan ieu mah caritana atuh unyil!!...heureuy waé manéh mah!” mang Ule nyereng deui ka si Eman.
“Ih..aki mah meni nyereng..kawas nginum sprit..heuheu…” ceuk si Eman kalah beuki nyerengeh.
“Manéh atuda..ngalonjéng waé.” Ceuk mang Ule
“Heheheheeee……sok atuh ki teraskeun deui dongéngna.” Ceuk Eman bari diukna ngoléséd ngadeukeutan mang Ulé.
“Heuh….kéla rék ninyuh heula kopi.” Ceuk mang Ule bari tuluy nyokot gula beureum jeung kopi nu rek ditinyuh.
“Muhun atuh ki mangga ngopi heula méh teu meléhoy hihi.”si Eman ngomong deui bari nyengir.
“Ah manéh mah…kamana karep”
“ Keun atuh ku abdi ninyuh kopina ki….biar pé’éd geura ku abdi mah.” Ceuk Eman nawarkeun jasa ka akina.
“Heug atuh sok kadinya…kade tong loba teuing gulana bisi giung.”
“Siap ki…..” ceuk Eman bari tuluy ninyuh kopi jang akina, geus bérés tuluy diasongkeun ka akina.
“Mangga ki…” ceuk Eman bari ngasongkeun cai kopi nu meunang ninyuh.
“Mangga timana jang?” ceuk mang Ule bari mencrong.
“Mangga naon ari aki?” Eman nanya semu bingung.
“Heu’euh bieu ceuk manéh…mangga cenah.” Ceuk mang Ule api-api teu apal.
“Hooooorrrrrr……..si aki ngabodor….ahhahahhahaaa…..tong ngabodor ki ah…aslina garing ki teu lucuuu…hhahahaaah..” si Eman kalah ngabarakatak nyeungseurikeun.
“Hahahaaa….manéh mah…baé atuh teu lucu ogé..seuri wé atuh..harga’an aki..meunang mikir éta téh.” Ceuk mang Ule bari semu mureleng.
“Nya atuh abdi rék seuri heula ki….HAHAHAHAHAHAHAHHAHAHAhahhahahaaha….HAHAH!!!!!!” si Eman nyakakak seuri tarik pisan.
“Geus..geus ah….heup…jiga nu teu rido kitu seurina ogé” ceuk mang Ule .
“Ok Komandan…”ceuk si Eman bari ngahormat ka akina.
“Dileu’eut atuh ki kopina..” Eman ngahempékeun ka akina.
Satuluyna mah leguk kopi téh diinum ku mang Ule, karek meunang saregot, mang Ule teu laju nginum kopina.
“Emmhh….naha pait kopi téh jang?” ceuk mang Ule bari kerung biwir dikerutkeun nahan pait.
“Aeh……hilap ki can dikocékeun duh!”
“Naaaaa….ari manéh….heug kocékeun heula atuh……paingan peuheur kana létah déwék!”
“Duh….punten ki…dihaja heuheu” ceuk Eman bari seuri.
“Beu…..kasebelan siah.”mang Ule nyereng ka si Eman.
“Punten ki….heehe….dieu ki rang kocékeun heula.” Ceuk Eman bari tuluy cangkir téh dikocékeun kumanéhna.
Meunang sawatara lila mah..nungarobrol disaung téh jarongjon uplek, teu karasa waktu geus nyérélek maju ka sareupna, panonpoé geus rék ngampih ciri beurang rék lingsir kaganti ku peuting, sora tonggérét jeung turaés raéng patembalan pataréma jeung sora cai pancuran nungagolontor sisi galengan nambah aweuhan milu nganteurkeun beurang nu rék nepungan peuting. Tebéh kulon katinggali layung soré ngahibaran nya’angan amparan pasawahan, éstu luyu jeung kaaya’an lembur sisi gunung mungguh nambahan kawa’as.
Sababaraha urang patani awéwé lalaki laleumpang mapay galengan sawah, sawaréh narungtun munding, sawaréh ngajingjing rantang urut bebekelan kadaharana séwang-séwangan. Rét kaluhur aleutan manuk kapinis nu pabuis pating suliwer kaditu kadieu jiga nu ngilu ngeuyeuban pangeusi alam, jiga nu milu jajap surya nu rék ngampih.
“Aeh..geuning geus téréh sareupna jang….geus wayah mulang ka imah.” Ceuk mang Ule bari panona mencrong ka béh kulon.
“Muhun ki….hayu atuh ki…bisi kaburu poék dijalana” ceuk Eman ngahayukeun.
“Henam… jang.”ceuk mang Ule bari tuluy nyorénkeun bedog kana cangkéngna.
Satuluyna mah duanana laleumpang kakidulkeun mapay sawah rék marulang ka imahna.
“Kumaha dongéng téh can bérés atuh ki?” ceuk Eman muka pananya.
“Nya engké wé di imah…..” ceuk mang Ule.
“Ok…ki..siap!” Eman nembalan bari ngacungkeun jempolna.
Teu kacarita dijalana, nu marulang téh geus aranjog ka imahna. Imah panggung nudiwangun tina kai jeung dipindingan bilik nu sawaréh geus rada barolong alatan kagerus ku umur. Palupuh awi jadi hambalan jang titincakan sapangeusi imah. Dihareupna nangreuh paranggong panyimpenan pakakas tatanén. Gek mang Ule diuk dina golodog, dituturkeun ku jang Eman, satuluyna duanana arasup kajero imah. Kérékét sora palupuh awi nu katincak éstu matak linu kadanguna.
“Maaaaa…” Eman ngageroan indungna.
“Ehhh..maneh ujang….naha meni karék mulang?” indungna nanya ka Eman.
“Enya ma…..”ceuk Eman bari solongkrong salam terus leungeun indungna téh dicium leleb pisan.
“Geura mandi heula kadituh…” ceuk indungna nitah mandi ka si Eman.
“Mangga ma….” Ceuk si Eman bari tuluy ngaleos muru ka kamar mandi.
“Ma..ari sampo aya keneh?” 
“Euweuh jang beak sampona oge.” Ceuk indungna bari ngasongkeun anduk ka budakna.
“Euleuh…ari Eman diangir kunaon atuh?” ceuk si Eman bari acal ucul muka’an bajuna.
“Kusabun colék wé heula..”ceuk indungna.
“Ahhhhh…..maenya kusabun ma?” si Eman nanya semu handeu’eul.
“Baé atuh..asal beresih wéh..”
“Nya atuh ma”ceuk Eman.
Sanggeus bérés mandi tuluy dibaju, gék Eman diuk sila ditengah imah. Teu lila torojol akina kaluar tikamarna, nyampeurkeun ka si Eman tuluy milu diuk digigiireuna.
“Geus mandi jang?” mang Ule nanya ka si Eman.
“Atos ki…aria ki tos ibak?” ceuk Eman malik nanya ka akina.
“Geus tadi..saméméh ujang mandi” akina ngajawab bari kusial ngaluarkeun bako jeung daun kawung tina saku kampretna.
“Kabulusan ki? Dugi ka kariput kitu kulit?” ceuk Eman 
“Ih….ai manéh…lain kabulusan! ieu mah bakat wé keriput téh…geus kolot!” ceuk mang Ule bari nyorongot.
“Heuheuheu…..” si Eman nyeungseurikeun.
Wanci geus poék, indung peuting ngaiuhan pilemburan- nu ti’is ku hawa pagunungan luyu jeung kaaya’an. Pangeusi lembur geus ngarampih di imahna séwang-séwangan. Mang Ule jeung saanak pamajikan ngariung tengah imah bari ngobrol dibarengan ku incuna. Diluar geus simpe kusora sato beurang, kaganti ku sato peuting,  sora cihcir, caricangkas patembalan jeung sora jangkrik. Sakapeung sora ga’ang réang jiga nungahaja ngawawa’as kana ka’ayaan éta lembur.
“Kumaha ki dongeng nutadi siang téh?” ceuk Eman muka carita’an deui.
“Euhhh…nya heug..kéla udud heula.” Ceuk akina bari cekes nyeungeut udud daun kawungna.
“Pang ninyuhkeun heula kopi jang…méh teu meléhoy.”
“Siap ki….” Ceuk Eman bari jengkat leumpang kadapur.
“Kadé jang…dikocék nya ulah poho.”
“Oke akiii…….”
“Abah…bade tuang deui moal?” ceuk indungna Eman nanya ka mang Ule.
“Ah…moal…seubeuh kénéh tadi disaung geus dahar liwet jeung ngopi bubuy sampeu.”ceuk mang Ule
“Ohh..muhun atuh….bilih bade….abdi bade ngarihan heula.” Ceuk idungna Eman.
“Ah.ntong keun bae..da moal tuang deui.”
“Enya atuh..”tembal indungna Eman.
Teu lila Eman geus norojol mawa cai kopi sabekong.
“Kopi dulu ki…silahkan.” Ceuk Eman bari nuduhkeun ku jempol leungeuna.
“Nuhun jang Eman anu kasép anu bageur dan gemar menabung.” Ceuk akina bari seuri bangun bungah.
“Ah…muji si aki mah….kasep atuh ki da lalaki.”ceuk Eman bari ngusapan gadona.
“Abah….abdi mah bade tipayun ah….dé bobo tunduhhh…” ceuk indung Eman pamitan ka mang Ule.
“Euhhh..nya sok atuh…” ceuk mang Ule ka anakna.
“Didinya ogé sarua deuih rék saré ma?” mang Ule nanya ka pamajikana.
“Enya ah..kami oge sarua tunduh..geus merelek waé ieu panon.”
“Nya jung atuh….geura saré….ulah poho mimpikan aku yah heuheu.” Ceuk mang Ule ngagoda kapamajikana.
“IH…Aki-aki tujuh mulud..!!” ceuk ninina Eman bari ngaléngos kakamar.
“hahaahhah…”mang Ule seuri ngabarakatak.
“Si aki…so romantis ki…hihi.” Ceuk Eman bari nutupan biwirna.
“Sok ah ki..teraskeun deui dongéng nutadi téa.” 
“Ohh…enya heug..!”
“Yeuh jang….aki mah inget…jaman baheula..kungsi dibawa ku uyut hidep bubuara ka kota, nya maksudna mah rek bubuara nyiar kipayah ka kota, ninggalkeun lembur, cul padumukan, tatanén teu dipaliré da kawuwuh ku kahayang néang pigeusaneun kahirupan dikota. Enya’an harita mah kota téh masih raresik, masih lalinduh kénéh ku tatangkalan, cai cur cor ampir diunggal patempatan, gunung-gunung masih hararejo ku tatangkalan, cai walungan harérang éstu matak pibetaheun.”
“Memang ari ayeuna kumaha kitu ki?” jang Eman némpas nukeur nyarita.
“Mangké heula atuh can bérés…!” mang Ule nembalan.
“Oh….siap ki…lanjutkan..hehhee”
“Mang taun-taun aki hirup dikota, milu ka uyut hidep, poé ka ganti ku bulan, bulan kaganti ku taun, nu satadina kota nu matak betah téh beuki kadieu beuki robah. Ka aya’an kota nutadina ubluk ablak ku pakebonan, pagunungan nu masih leubeut ku tutuwuhan jeung tatngkalan téh lila kalila mah saeutik-saeutik laleungitan kagiridig ku lobana jalma-jalma nu daratang, nu sarua boga maksud jeung tujuan jiga uyut hidep..pada-pada nyiar kipayah.”
“Lila kalilaan, beuki dieu beuki pinuh nudaratang, tina hiji jadi sagunduk, beuki pinuh beuki nambahan heurin padumukan téh, beuki nyéréd beuki nyedek, lembur aki nu tadina masih caréngcang tihang téh geus leungit aweuhan geus euweuh pangabetah”
“Kutang téh kitu ki..?” ceuk Eman bangun nu bingung.
“Lain kutang sujang….! Kutan kituh…cawokah ngomong téh!” mang Ule nyorongot ka si Eman.
“Aeh..enya ki…punten ki typo hehhee…” ceuk si Eman bari nyéréngéh.
“Naon typo téh jang?” mang Ule nanya semu bingung.
“Typo téh lamun dina ketikan mah salah huruf ki..” ceuk Eman ngajéntrékeun.
“Ohhh….ah teuing teu ngarti aki mah..”
“Nya wios wé ki….teu ngarti mah tong diémutan bilih kariput.” Ceuk Eman ngupahan ka akina.
“Ah…naaa…da geus kariput tatadina aki mah..”
“Nya atuh ki…sok teraskeun.” Ceuk Eman bari nutupan bahamna nu calawak nahan pitunduheun.
“Geus tunduh manéh téh jang?” mang Ule nanya ka si Eman.
“Heunteu ki…”ceuk Eman ngélak.
“Nya atuh….tah beuki kadieu akhirna lembur aki jeung uyut hidep téh kalindih, kaséréd ku wawangunan, jlug jleg gedong tiditu tidieu, pasir gunung ogé dibabad jang ngawangun hotel jeung vila, walungan geus euweuh cahara, caina ogé geus kiruh teu mangrupa kacampuh ku runtah jeung limbah pabrik.”
“Ari éta kajadian téh alatan naon mimitina ki?” ceuk Eman nempas deui.
“Heuh alatan ku sarakahna jelema-jelema kénéh, nu teu boga rasa rumasa, teu boga tanggung jawab ngarumat lembur, nuantukna matak baruntah kanu lian.”
“Kela jang..hayang ngompol heula..” ceuk mang Ule bari jung nangtung rek muru ka kamar mandi.
“Nya ki…kumbah deui tilasna nya ki.” Ceuk Eman bari seuri koneng.
“Ahhhhh…….moal dikumbah aki mah….cukup wé digibrigkeun terus lelepkeun deui wé heuheu..”ceuk mang Ule bari seuri sorangan.
“Ih…jorok si aki mah.” Ceuk si Eman bari ngagirigkeun taktakna.
Teu lila mang Ule geus norojol ti kamar mandi, gék deui diuk gigiren jang Eman.
“Tah jang…sanggeus ninggali kitu mah..uyut hidep téh tungtungna mah teu betaheun..nya mulang deui wé kalembur..imah nu dikota mah antukna dijual duitna dipake meuli sawah sakotak jeung imah nu ayeuna dicicingan ku urang.”
“Ohhhhh….terus kumaha ayeuna urut imah aki dikota….? Masih aya keneh ki?” 
“Ih….duka téh teuing…teu apal..ngan cenah mah imah urut aki jeung uyut manéh téh geus euweuh…geus rata jeung taneuh..alatan kabawa ca’ah.”
“Euleuh!!...baruk! nepi kakituna ki?....naha bisa kitu.?”
“Heu’euh….éta téh akibat banjir….lantaran walungan nutadina beresih téh geus pinuh kuruntah, lamun datang hujan téh…geus pasti moal kawadahan nuahirna ngagulidag…..caina léntab kadaratan muru padumukan.”
“Euleuh…..karunya teuing atuh ki…tada teuing tunggarana imah nu kabanjiran.” Ceuk Eman bari ngahelas.
“Nya puguh atuh ari karunya mah….ngan da rék dikumaha deui..geus kitu kajadiana..moal bisa dipondah deui..”
“Eta téh akibat tina rasa mokahana jelema nu hayang ngudag kasenangan sorangan, leleutikan ngababad gunung, tina sajengkal jadi dua jengkal…terus jeung terus..nuahirna leungit gunung jadi suhunan luhur.”
“Terus ari eta banjir timana asalna ki?” ceuk Eman nanya deui ka akina.
“Nya banjir mah ti cai atuh jang….hihih” mang Ule kalah ngalonjeng.
“Euhhh……cius atuh kiiii…hooooaaammmm…” ceuk Eman bari nutupan deui biwirna nu keur calawak balas heuay.
“Hehehheee….ah manéh na ogé jiga geus tunduh kitu geuning?” ceuk mang Ule bari melong kanu keur heuay.
“Ah heunteu ki…tuhhhhhh….bolotot kénéh ki…”ceuk Eman ngelés.
“Ahhh…da manéh mah bolotot titadina…nurun ka bapa manéh..panon bolotot..tarang jenong manéh mah hahhhaa….”mang Ule ngomong bari nyakakak.
“Hahhahahaa…….enya ki….naha nya bet nongnong tarang abdi téh?”
“Heu’euh nurun ka bapa manéh..” ceuk mang Ule.

Berjalan, Pagi, Pedesaan, Alam, Bayangan

Wanci geus beuki peuting, sora ga,ang nu tadi réang geus teu kadéngé deui, hawar-hawar kadéngé sora embé pating bérélé disagigireun imah tatanggana mang Ule. Sora anak bueuk kadangu tijauhna, tikamar si nini keur ngagebra saré dihrundung samping kebat, satukangeuna naplok indungna jang Eman nangkod bangun nu embung leupas. Rénghapna napas nukaluar tina irungna awor jeung héasna hawa tiris pagunungan. Sakapeung leungeuna pakupis nepak kana pipi, jiga nu embung diganggu ku héangna reungit nunyampeurkeun.
“Jadi kumaha jang..keukeuh waé manéh téh rék ulin kakota?” mang Ule nyarita deui ka si Eman.
“Duka nya ki..ari nguping kitu mah..jadi merod ka Eman na.” 
“Heuhhh….kumaha manéh éta mah….ngan ku ayeuna mah..ka aya’an kota teu sa alus nu ku urang dibayangkeun.”
“Lamun datang hujan meusmeus banjir, dimana halodo hésé cai..pagunungan geus kalindih ku wawangunan.”
“Kota nutadina lembur matuh téh geus harénghéng ku campuhna kahirupan..geus hareurin usik…”
“Enya ki….éta téh tadina mah teu kitu meureun ki…piraku ujug-ujug pinuh ku wawangunan ki?”
“Nya heunteu atuh…éta téh tina saeutik heula kadieunakeun jadi ngaloba’an.”
“Ibaratna urang nyician cai kana gelas…tina cai saeutik…ari terus terusan mah jadi pinuh gelasna..nya antukna lébér mudal….léntab kaditu kadieu.”
“Tah éta ogé sarua…boh banjir, boh longsor sarua jang….mimitina mah tina sa karacak…laun -laun jadi ca’ah…éta téh babasa’an…wawangunan nu tadina hiji, tétélépak jadi ngaloba’an lila – lila teu kawadahan…antukna paséréd séréd jadi mudal, nu tadina di legok jadi naraék aya nu kapagunungan, nu kapasir….teu mustahil lembur urang ogé isuk jaganing géto mah bakal kalimbas ku akibat éta.”
“Akibat naon ki?” ceuk Eman nanya deui.
“Heu’euh akibat nutadi dicaritakeun ku aki.”
“Carita numana ki?” Eman nanya deui.
“Haarrr…ari maneh..teu ngadéngékeun?”
“Sakedik ki hehhee…” ceuk Eman bari ngagoledagkeun awakna kana samak.
“Euuhhhhh…..manéh mah….Heu’euh tadi téa..babasa’an karacak mawa ca’ah..éta maksud aki mah.”
“Maksudna kumaha ki?” Eman tumanya deui ka akina.
“Maksudna mah…tina saeutik lamun terus terusan mah bisa jadi gede.”
“Ohhhhh…muhun ki ngartos.”
“Heu’euh sukur ari ngarti mah.”
“Jadi kumaha?rék keukeuh hayang ka kota?” akina nanya deui ka Eman.
“Ah…ki…tos nguping kieu mah..wegah ki jang abdi mah…wios didieu we…ngurus sawah aki sanajan ngan sapétak….sugan we tina sapétak nambahan jadi dua pétak, tilu pétak…jeung saterusna nya ki?” ceuk Eman bangun yakin nyarita kituna téh.
“Heu’euh….aluuussss…..sukur atuh ari kitu mah..pan tadi téa…karacak mawa ca’ah…tapi ieu mah kana kahadéan lain kagoréngan..pan dimana hasil téh genah metikna oge….betul apa tidak?” ceuk akina.
“Betul..betul…betul…” ceuk Eman bari ngacungkeun jempolna.
“Heuh…sukur atuh..pek geura saré ayeuna mah…geus peuting..isukan sakola..” ceuk mang Ule bari nirubkeun sarung kana awak jang Eman.
“Siap ki…” tembal Eman bari ngeserkeun bantal kapuk darapetkeun kana pipina.
Angin ti’is nungahiliwir nyaruksuk kana sela-sela bilik ngaheos kana awak Eman nu keur meureumkeun dua panona nu geus beurat kupitunduheun. 
Sajeroning meureumkeun panona, pikirana mah masih ngalayang nginget-nginget obrolan poé ieu jeung nujadi akina. Beuki dieu beuki kapikir naon-naon nu diomongkeun ku akina téh asup nyerep kana pikirana.
Beuki lila peuting beuki simpé, jang Eman geus ngagebra saré, dibaturan ku akina nu sarua ngaguher nyegrék kérék. Peureum saheula’anan jang mapag deui poé isuk nubakal datang.

Cag!

 

Sumber Gambar : META AI, https://pixabay.com